Senin, Januari 24, 2011

PASUNDAN

Lamun disawang ti anggang
Munggah matak pogot nyawang
Duh lemah Pasundan
Anjeun mawa kabagjaan

Korosakna daun awi
Séahna cai di leuwi
Mawa tengtrem kana ati
Tibelat ngancik 'na diri

Lamun disawang ti anggang
Mungguh matak seseblakan
Duh lemah Pasundan
Sambat diri arék mulang

Bébér layar kajembar
Ki Sunda urang balayar
Pancegkeun sima wibawa
Pasundan témbong pamorna.

Tina Manglé Alit No. 428
Karangan : Burchan Indrawahyu

Tidak ada komentar:

Posting Komentar