Kamis, Februari 03, 2011

Ciung Wanara Jadi Raja

Gancangna barudal baé tina tempat ngadu hayam, masing-masing ka ka imahna sewang-séwangan. Ratu Galuh ayeuna jadi merdika, sabab dimerdikakeun ku putrana téa, nya éta Ciung Wanara jeung Aria Banga, anu kocap di nagara jadi ratu.
Lila-lila Ciung Wanara ngamanah, tuluy baé nyaur Léngsér, pokna, "Aduh Uwa, geura ka dieu !, bari diuk sapanglungguhan, kuring arék sasauran, éling kana saur Ama, waktu urang ngadu hayam. Saur Ama téh, ngawaris nagara sabeulah kulon sarawuh eusina pisan, tapi éta lain waris, dipikir ku kuring kapan tumpang ngadu hayam".
Léngsér tuluy seuseurian, pokna, "Duh Ngeran, tétéla éta lain ngawaris, kawas-kawas pangoloan".
Saur Ciung Wanara, "Tétéla Uwa, pangoloan, tapi ayeuna urang angken waris baé, kudu bisa mindingan risina ratu, nyingkahan kaéra raja. Engkéna mah kuring geus tangtu mayar hutang.

Hutang rasa mayar rasa
Hutang wirang mayar wirang
Urut kuring dinyenyeri
Asal kuring dipalidkeun
Ka Citanduy dibuangkeun
Diwadahan ku kanagan

Engké kuring hayang mayar ku panjara beusi."
"Sumuhun timbalan Gusti, tapi Uwa ayeuna awon pinaros, saméméh ngadamel panjara beusi, Juragan rék ngadamel naon heula?"
Ceuk Ciung Wanara, "Hayang tepung heula jeung ibu, nu ngaran Naganingrum, ayeuna aya dimana?"
"Sumuhun pariksa Gusti, perkawis ibu Gamparan ayana di patapaan, baheula nurutkeun pépéling abdi, sina tatapa di patamanan."
"Cing Uwa, geura téang sarta kudu kabawa ka dieu."
"Sumangga Gusti, ayeuna abdi rék amit."
Gancang Léngsér téh lumpat, ngajugjug ka patapaan.

Mipir pasir mapay lebak
Mengkolna dina bobojong
Nyorang leuweung sakeukeudeung
Warna-warna kai leuweung
Anu kasorang ku Léngsér
Huru dapung jeung kicalung
Carélang jeung hantap heulang
Kitapok reujeung kiméong
Sakitu anu kasorang
Keur waktu Léngsér keur lumpat

Nyorang deui di combrang di cambrung.

Ngagembréng cihcir candungna
Pangaruh lindeuk maungna
Ku Léngsér diliwat baé
Geus dongkap ka patapaan
Reg Léngsér téh ngahuhuleng
Karepna sumeja ngintip
Ngintip ka nu keur tapa

Tunda heula lampah Léngsér. Kocapkeun heula nu tapa.

Anu geulis Naganingrum
Tapana barina népa
Mongplong sorana gedogan
Tunjangan bungbulang peucang
Hapitna jati diukir
Barérana langkap nunggal
Suri awi tali nunggal
Taropong tamiang sono
Tali caor digénggéan
Poléngna songkét kanoman
Alus lain kaulinan
Matak tigulusur kutu
Matak tisolédat tuma
Matak tisorodot moyo
Matak tijalikeuh piteuk
Laleur euntreup tijalikeuh
Euntreup dina tinun putri

Ku Léngsér enggeus kadéngé éta sora gedogan téh, pok baé Léngsér téh ngomong, "Tah geuning juragan istri, ayeuna bet hirup kénéh."
Ku Naganingrum katingali, tétéla bet Kakang Léngsér, porosot nibankeun caor, barina tuluy mariksa, saurna,"Aéh-aéh Kakang Léngsér, tara-tara ti sasari, ayeuna kakara sumping, rék naon pikersaeun?"
Ceuk Léngsér, "Sumuhun timbalan Gusti, perkawis pun Kakang dongkap, badé nguningakeun, putra ayeuna geus jadi ratu, jenengan Ciung Wanara. Ayeuna Gamparan kedah énggal-énggal linggih, putra gaduh pihatur tina hayang tepang."
Gancangna putri téh dangdan bari tuluy angkat baé.


(Dicutat tina Carita Ciung Wanara, Volksal-manak Soenda, Bale Pustaka, Jakarta, 1924)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar