Senin, Januari 24, 2011

NU NGUNGSI

Leumpang teu puguh léngkah
Gang heureut parat ka tungtung jagat
Pasarandog, tingpolohok
Beungeut eunteung kasedih
Nu dipeureut ku getih
Ti mana, rék ka mana, bangun langka tepung
Sora dareuda ngiwat rasa pataréma

- Nagri kasilih kalindih
Diparéntah mangréwu gajah
Padumukan didodoho guludug
Reup peureum, ngoréjat, beledag
Nyawa na tungtung kakeueung -

Semet ngahégak neuteup reuhak
Ngalayah na lemah ruhak
Langit angkeub panas nyongkab
Suku teu puguh tincakeun
Sungut engab, panon kapireungpeunan

- mun aya nu bisa nyiptakeun lawang
Ka nagara dongéng
Hayang teuing tepung jeung
Ratu adil na implengan
Rék nyiruruk ka pangkonan
Ngébréhkeun getih kasedih

Tapak lacak, lengkah katugenah
Jagat ngulahék dina keukeupan
Pasrah miharep kadeudeuh maneuh
Di lebah mana ayana jaga

Eddy D. Iskandar

(Tina kumpulan Sajak Jamparing)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar