Senin, Januari 24, 2011

OTO ISKANDAR DI NATA - SI JALAK HARUPAT TI TATAR SUNDA

Inget keur jaman sakola baheula, dina pelajaran sajarah, aya salah sahiji pahlawan nasional ti tatar sunda, nyaéta Oto Iskandar di Nata anu katelah Si Jalak Harupat. Dina tulisan ieu, urang guar deui sajarahna Pa Oto Iskandar di Nata anu gedé pisan jasa-jasana pikeun bangsa jeung nagara Indonésia.
Sakumna bangsa Indonésia, pangpangna urang Sunda, tangtu moal aya nu bireuk ka Oto Iskandar di Nata. Anjeunna téh sala-saurang pahlawan nasional anu gedé jasana pikeun bangsa jeung nagara Indonesia. Jasa-jasa anjeunna ébréh pisan dina lalakon jeung sajarah kamerdékaan. Ku urang bisa kabandungan, kumaha harusna sora Pa Oto waktu ngedalkeun kereteg kahayang bangsana dina sidang-sidang volksraad. Kalawan tatag, anjeunna nyoarakeun, aya dua pilihan pikeun bangsa Walanda: Buru-buru indit ti tanah Indonésia atawa kudu diusir heula!
Dina sidang déwan rayat taun 1931, Pa Oto geus nandeskeun pamadegan, yén Indonésia téh bakal merdéka. Ari kangaranan hirup merdéka mah geus jadi sipat sakur nu kumelendang. Tong boro manusa, dalah sato ogé sarua. Bangsa Indonesia tangtu bakal merjoangkeun kamerdékaan sakuat tanaga. Sumanget rahayat moal bisa ditumpes ku kakerasan jeung pakarang.
Pa Oto téh pituin urang Désa Bojongsoang, Kabupatén Bandung. Dibabarkeunana tanggal 31 Maret 1897. Ti keur budak kénéh geus katémbong bakat jeung kamampuhna anu onjoy tibatan budak nu lian. Najan enya putra lurah, tapi ari sapopoéna mah sok bareng waé jeung anak cacah kuricakan.
Cita-cita Pa Oto hayang jadi guru. Ku sabab keyeng jeung suhud dina diajar, ahirna éta cita-cita téh laksana. Anjeunna diangkat jadi guru di wewengkon Banjarnegara, Jawa Tengah. Ti dinya terus dipindahkeun ka Bandung.
Saenyana ti keur di sakola guru kénéh ogé, Pa Oto geus kataji ku kagiatan kaom pergerakan. Pikeun ngamalirkeun pamadeganana, nya terus waé asup Organisasi Budi Utomo. Ti saprak matuh di Bandung, anjeunna jadi anggota Paguyuban Pasundan. Malah dina éta Organisasi, ngaran Oto Iskandar di Nata mimiti dipikawanoh ku masarakat Indonesia, nyaéta ti saprak jadi anggota déwan rayat téa. Ku pihak pamaréntah kolonial, Pa Oto téh dianggap salasaurang kekentong pergerakan anu teu bisa dianggap énténg. Pangna kitu téh sabab anjeunna ludeung nepikeun sora balaréa anu dina seuhseuhanana pikeun ngahontal kamerdékaan. Ku sabab gedé kawanina, Pa Oto meunang jujuluk "Si Jalak Harupat". Dina budaya Sunda, sesebutan jalak harupat téh maksudna hayam adu nu salawasna tandang di pakalangan. Tah, kawani Pa Oto ogé dipapandékeun kana kawani hayam adu anu tara kungsi éléh.
Dina taun 1929, Pa Oto kapilih jadi Ketua Pengurus Besar Paguyuban Pasundan. Dina jaman kapangurusan anjeunna, éta organisasi téh maju pisan, babakuna dina widang pulitik, ékonomi, persuratkabaran, jeung atikan.
Dina jaman merdéka, Pa Oto dijungjung lungguh jadi Menteri Negara kabinét anu munggaran. Dina urusan kanagaraan, saenyana ti sawatara bulan saméméh merdéka ogé anjeunna geus pipilueun. Pa Oto kaasup anggota Panitia Persiapan Kamerdékaan Indonesia anu di antarana boga pancén nyusun UUD 1945 jeung Pancasila.
Hanjakal pisan, dina bulan Oktober 1945 Pa Oto aya nu nyulik. Anjeunna dipergasa tepi ka tilar dunya ku sawatara jalma nu teu boga rasa tanggung jawab.
Kiwari Pa Oto geus teu aya dikieuna. Tapi najan kitu, ari sumanget jeung cita-citana mah masih kénéh hurung dina jiwa bangsa Indonesia. Ku kituna, pikeun ngajénan jasa Pa Oto Iskandar di Nata, saban tanggal 31 Maret sok dipiéling wetonna, sarta sok diteruskeun jarah ka Pasir Pahlawan, nya éta tempat dimana dimakamkeunana Pa Oto Iskandar di Nata, perenahna di jajalaneun ka Lémbang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar