Minggu, Januari 16, 2011

PANCAKAKI (SARSILAH)

Hubungan rundayan kakulawargaan ceuk urang Sunda disebutna téh pancakaki. Panta-pantana bisa dibagi dua, nyaéta:
1. Pancakaki anu mapay kaluhur
2. Pancakaki anu mapay ka handap.
Pancakaki anu mapay ka luhur dimimitian ku indung atawa bapa, néma ka nini atawa aki, uyut, bao, udeg-udeg, janggawaréng, nepi ka kait siwur. Saleuwihna ti kait siwur mah disebutna karuhun atawa luluhur.
Ari pancakaki nu mapay ka handap dimimitian ku anak, néma ka incu, buyut, nepi ka bao. Saleuwihna ti bao mah disebutna sékésélér atawa teureup terah baé.
Salian ti éta, aya deui istilah kakulawargaan séjénna, nyaéta anu disebut:
1. Suan, nyaéta anak adi.
Contona: kuring boga adi ngarana Andri. Andri téh boga budak ngarana Fitri, tah kuring ka Fitri teh pernahna Suan.
2. Alo, nyaéta anak lanceuk.
Contona: kuring boga lanceuk ngarana Eni, Eni téh boga budak dua, Desi jeung Yesi. Tah kuring ka Desi jeung Yesi téh pernahna Alo.
3. Dulur misan atawa dulur sabrayna, nyaéta anak paman, bibi, atawa ua.
Paman atawa mamang nyaéta adina indung atawa bapa nu lalaki. Bibi adina indung atawa bapa nu awéwé. Sedengkeun Ua nyaéta lanceukna indung atawa bapa boh awewe atawa lalaki. Lamun kuring ka budakna paman atawa bibi nyebutna sipat adi, sabalikna lamun ka budakna Ua nyebutna sipat lanceuk.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar