Selasa, Februari 01, 2011

DI HIJI LEUWEUNG GELEDEGAN

Aya tulang nyangsang na dahan, deudeuh
Sésa raga arucutan
Langlayangan teu kapuluk teu karucu
Di hiji leuweung geledegan

Tangkorakna diranggeum areuy, deudeuh
Topi waja bangkarak tadah cihujan
Bedil, sekin, ngarumpuyuk lumpuh
Di hiji leuweung geledegan

Disasarap heumeus beueus, deudeuh
Dirurub hujan kalakay
Pangkatna, tanda-tandana, mo kapapay
Di hiji leuweung geledegan

Moal aya nu nyalawatan
Emh..nunggelis ngan nagara nu miboga
Tan panutan kadang kulawarga
Di hiji leuweung geledegan

Kamana pasukan tambur
Ilaharna jajap ka basisir kubur
Teu muni rampak témbak kahormatan
Di hiji leuweung geledegan

Jeung lahanna di Taman Pahlawan, deudeuh
Aya nu ngali nu ngandih
Béh ngaranna dina daptar kapanggih
Diémbohan catetan : ilang raratan

Surachman RM

(Dicutat tina buku kumpulan sajak Basisir Langit)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar