Rabu, Januari 19, 2011

Prasasti Batu tulis

Prasasti Batutulis kota Bogor, nyaéta salah sahiji prasasti titinggal Kerajaan Pajajaran dina jaman pamaréntahan Prabu Surawisésa, nu jadi raja ti taun 1521 Maséhi nepi ka taun 1535 Maséhi. Ari tulisanana ditulis ku aksara jeung basa Sunda buhun. Prasasti éta dijieuna ku Prabu Surawisésa, 12 taun saba'da bapana tilar dunya. Bapana Prabu Surawisésa teh nyaéta Sri Baduga Maharaja Ratu ( H)aji Di Pakuan Pajajaran. Di tatar Sunda mah katelahna téh Prabu Silihwangi. Sanajan Prabu Surawisésa katelah raja anu gagah tur teuneung ludeung, anjeuna sering ngaheruk, sabab ceuk pikiranana, "Najang aing gagah tur teuneung ludeung, eweuh hartina mun dibandingkeun jeung kawangina Rama Prabu suwargi(Alm)?" Prabu Surawisésa tuluy maluruh katineung rahayat ka unggal daérah, naha aringeteun kénéh kana jasa-jasana Prabu Silihwangi? Tetela seungitna jenengan Prabu Silihwangi, salila 12 taun teh masih kawangi-wangi, dipitineung ku urang tatar Sunda. Sanggeus karuhan kitu, Prabu Surawisésa jeung para purohita (jalma anu jembar elmu panemuna tur dipikolot), ngali kuburan Prabu Silihwangi. Tulang jasadna Prabu Silihwangi dipindahkeun kana tamela (peti mati), tuluy diteundeun di luhureun tumpukan suluh kai samida. Bari dibarung ku dunga para purohita, Prabu Surawisésa ngamimitian meuleum suluh kai samida dina upacara nyampurnakeun sukma bapana nu dipikacinta ku dirina, minangka babakti pamungkas dina enggoning ngajenan jasa-jasa nu jadi kolot. Pikeun miéling jasa-jasa bapana, Prabu Surawisésa nitah nyieun prasasti anu unina : ** wang na pun ini sakakala, prebu ratu purane pun, diwastu diya wingaran prebuguru dewataprana diwastu diya dingaran sri baduga maharaja ratu haji di pakwan pajajaran sri sang ratu dewata pun ya nu nyusuk na pakwan diya anak rahyang dewa niskala sang sidamokta di gunatiga incu rahyang niskala wastu kancana sang sidamokta ka nusalarang, ya siya nu nyiyan sakakala gugunungan ngabalay nyiyan samida, nyiyan sanghyang talaga rena mahawijaya, ya siya pun * i saka, panca pandawa emban bumi **. Harti dina basa Sunda kiwari : "Muga waluya, ieu ciri pangéling-éling keur prabu ratu suwargi, inyana diistrénan kalawan gelar prabuguru dewataprana, diistrenan deui kalawan gelar sri baduga maharaja ratu nu ngawasa di pakuan pajajaran sri sang ratu déwata, inyana nu nyieun susukan di pakuan, inyana anak rahiyang dewa niskala nu dipendem di gunatiga, incu rahiyang niskala wastu kancana nu dipendem di nusalarang. Inyana nu nyieun ciri pangéling-ngéling mangrupa gugunungan, ngabalay jalan-jalan ku batu, miara leuweung samida, nyieun talaga rena mahawijaya. Nya inyana pisan. Dijieun dina taun 1455 saka". Kitu tah unggelna tulisan dina batu tulis éta. Najan ngan saukur batu, tapi gedé pisan mangpaatna, boh pikeun panaluntikan sajarah atawa nyuksruk galur karuhun urang Sunda. (Yoseph Iskandar)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar