Senin, Januari 24, 2011

SANG PRABU NGALIMBA

Lengsér ngalungsar
Neuteup tumpukan Prasasti
Lebah tilemna Sang Prabu
Nyanding Kujang karahaan
Lambat-lambut nyarita :

"Duh Prabu...
Pajajaran geus lila ilang dangiang
Leungiteun tapak,
Leungiteun udagan,

Duh Prabu...
Tatar Pasundan uyup-ayap
Nataran Sajarah nu paburisat
Leungiteun lontar,
Leungiteun wangsit.

Duh Prabu...
Sésa ngaran Pajajaran ngan sajuru
Leungiteun kasaktén,
Leungiteun pantun."

Geleger sora
Kacipta bari ngalimba :

Paman Léngsér
Sakumaha dina uga
Nu kacatet dina wangsit
Tarimakeun saaya-aya.

Yoseph Iskandar

(Tina kumpulan Sajak Tumbal)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar